27 September 2022

KONCI KATENANGAN HIRUP

 

Illustrasi

Ari KONCI KATENANGAN HIRUP téh aya lima perkara: 

Kahiji, narimakeun nu aya, teu loba kahayang itu ieu, nu teu kahontal jeung katanagaan, nu lain wilayah jeung kadarna urang. 


Kadua, loba syukuran ka Gusti Nu Maha Suci. Mun ditalungtik mah, loba pisan dina diri jeung hirup urang nu can kasyukuran. Gusti rék nambahan rejeki jeung kanikmatan kumaha, mun nu aya gé loba nu dipohokeun, can disyukuran.


Katilu, loba introspéksi, ngukur diri jeung ngélingan diri. Hirup téh rék naon, rék kamana, amal naon keur pibekeleun. Lain hayooh ... wéh

 mikiran dunya nu pinuh ku napsu jeung teu angeus-anggeus.


Kaopat, teu kabitaan ku milikna batur da unggal jalma téh boga milikna séwang-séwangan.  Gusti mah Maha Adil. Urang teu boga itu, tapi batur teu boga ieu. Moal aya jalma nu kabéh ngabogaan sagala rupa.


Kalima, teu ngabanding-banding jeung batur da hirup téh geus aya garisna masing-masing. Nu batur boga, can tangtu pialuseun keur urang, kitu oge sabalikna.


Sakitu jalu!! Saha nu ngalarapkeun éta dina kahirupana tangtu bakal bagja, ngeunah haté, tingtrim hirup, jauh tina kapusing mikiran nu teu perlu. Tong leutik harepan, méh urang teu dijauhkeun tina rahmat Pangéran. Hirup mah lain ku aya tapi ku bener.*** 


(Implengan ngélingan diri ba'da Maghrib by Moeflich Hasbullah).

Tidak ada komentar: